Pangjajap

Rebo, 23 Juli, 2008

Assalamu’alaikum.

Haturan, wilujeng sumping. Hatur nuhun rehna parantos kersa
rurumpaheun ka weblog sim kuring ieu.
Para wargi sadaya, sanes saeutik pamundut kana buku-buku
seratan pa Sadkar sareng seratan kang Hikmat Sadkar.
Ari kahoyong mah buku seratan aranjeunna ieu teh dicitak ulang,
nanging biasa ku alesan klise nyaeta teu gaduh waragad,
kapaksa diunggahkeun wae kana weblog sim kuring ieu,
nu dipalar nyaeta sangkan parawargi anu meryogikeun
tiasa ngadownload kalayan gratis, bade di fotokopi mangga,
bade di sebarkeun kalayan maksad kanggo tabligh, oge mangga teh teuing,
kalayan sarat teu kenging ngarobih eusina sanaos mung sakecap.

Insya Allah kapayun mah buku nu diunggahkeun teh
baris ditambihan deui, di antawisna anu nuju digarap teh nyaeta
“Menjawab Tuduhan Usang” yasana bapa Sadkar almarhum.

“Jama’ah Ahmadiyah Palebah Mana Mahiwalna” yasa Bapa Sadkar sanaos teu acan rengse
ku sim kuring  dipaksa dunggahkeun, ditungtut.

Eta buku-buku teh tiasa di bukaan dina format html, kantun di’klik’ di handap.

Peryogi kauninga ku sadayana, sim kuring ngadamel weblog ieu
kalayan asma sim kuring pribadi,
samasakali henteu ngawakilan organisasi mana wae oge.

Hapunten sim kuring masih keneh diajar ngadamel weblog teh.
Nyuhunkeun bantuan do’ana wae ti para wargi sadaya,
mugi-mugi sim kuring dipaparin kasehatan sareng taufik oge pituduh
ku Anjeunna swt. kanggo miara sareng ngaronjatkeun kwalitas weblog ieu. Amin.

Wassalamu’alaikum.

Nu teu kinten lemahna,

balagadona

 

 

 

*****

 

 

 

Cupu Manik Astagina

 

 

» Sadkar: Nepangkeun

» Hikmat Sadkar: Naha Make Kudu Aya Ahmadiyah?

» Sadkar: Jama’ah Ahmadiyah Palebah Mana Mahiwalna?

I. Jama’ah Ahmadiyah Palebah Mana Mahiwalna? (Tanggapan Kanggo Bapa Drs H. Hafidz Utsman)

II. Jama’ah Ahmadiyah Palebah Mana Mahiwalna? (Tanggapan kanggo Bapa H. Sulaeman Faruq, Ny. Hajjah Hadiah Saliam sareng Ustadz Emon)

III. Jama’ah Ahmadiyah Palebah Mana Mahiwalna? (Tanggapan Kanggo Bapa Drs. H. Mohammad Cholil)

» Sadkar: Ahir Zaman

» Sadkar: Ahir Zaman – bagian kadua

» Sadkar: Ahir Zaman – bagian katilu

» Sadkar: Ahir Zaman – bagian kaopat

» Sadkar: Ahir Zaman – bagian kalima

» Sadkar: Ahir Zaman – bagian panutup

» Drs. Ruhiyat Sadkar: Dari Taubatan Nashuha Ke Reformasi Dalam Islam

» Bab I. Taubatan Nashuha

» Bab II. Takwa

» Bab III. Tabligh

» Bab IV. Reformasi Dalam Islam

» M. Abdul Hayee H. P.: Ahmadiyah Dan Inggris

 

 

 

*****

 

 

 

Kalam Ilahi


An Nahl: 126

Rebo, 5 Maret, 2008

Pek geura ajak ku hidep kana jalan Pangeran hidep kalawan kawijaksanaan jeung nasehat anu hade; sarta pek sawala (diskusi/debat) jeung maranehna dina cara nu sahade-hadena! Saestuna Pangeran hidep uninga pisan saha nu geus sasar tina jalan Allah (sesat), jeung Anjeunna uninga pisan saha anu geus meunang pituduh.


Al An’aam ayat 117 – 118

Rebo, 6 Pébruari, 2008

Jeung lamun seug hidep nuturkeun kalolobaan jalma di bumi, maranehna bakal nyasarkeun (menyesatkan) hidep tina jalan Allah. Taya lian anu dituturkeun ku maranehna teh kajaba ti sangka-sangka malulu, jeung maranehna teh ngan ukur ngabohong.
Saestuna Pangeran hidep leuwih uninga saha anu kasasar (sesat) tina jalan-Na, jeung Anjeunna leuwih uninga saha jalma-jalma anu meunang pituduh.


Al Maidah ayat 106

Rebo, 6 Pébruari, 2008

He jalma-jalma nu iman! Perhatikeun kasalametan diri maraneh! Singsaha anu kasasar (sesat) moal ngamudaratkeun maraneh, lamun maraneh meunang pituduh. Ka Allah maraneh kabeh bakal mulang, tuluy Anjeunna bakal ngabejakeun ka maraneh naon anu sok biasa dipigawe ku maraneh.


Al Baqarah ayat 115

Rebo, 6 Pébruari, 2008

Jeung saha deui nu leuwih dolim tibatan jalma anu ngalarang jenengan Anjeunna diagungkeun di masjid-masjid Allah, jeung ngupayakeun ngaruntuhkeunana. Henteu pantes pikeun maranehna asup ka eta masjid-masjid kajaba bari dibarung ku rasa sieun ku Allah. Pikeun maranehna aya kahinaan di dunya, jeung pikeun maranehna di aherat aya siksaan anu beurat